Rumpaka Lagu Sunda

Rumaos
Ciptaan : Nano S.

Laras : Pelog

Rumaos sering asa-asa

Isin kagok ngahalangan rasa

Hariwang ngambang henteu daya

Ucap nutup nahan kedal tresna



Rumaos sering huleng jentul

Nimbang-nimbang pilakueun kedal

Longkewang aringgis ku bisi

Boa-boa asih samar tepi



Kalah anteng na lamunan

Nyawang geugeut patembongan

Ngumbar tresna nu duaan

Kareueut ku kaendahan



Nyipta leumpang babarengan

Ligar asih karembangan

Imut manis pangharepan

Kasmaran na lelembutan



Rumaos sering niis peuting

Nandang asih abot sakalintang

Ngadago surti sugan ngarti

Nandang sepi katalimbeng diri



Rumaos sering nyawang bulan

Nyipta tepung lawung paguneman

Geterna galindeng harepan

Nyanding asih tresna nu duaan



KALANGKANG



Pencipta          : Nano S.
Laras               : Pelog

Mungguhing dina impenan
Geuning sakitu deudeuhna
Kanyaah nu wening bersih
Satia jadi kakasih

Mungguhing dina impenan
Geuning sakitu leahna
Pamenteu marahmay manis
Teu isin ka ambung damis

Rambut panjang, nu ngarumbay
Disangkeh panangan nyampay
Lalaunan, raray tanggah
Rangkulan karaos pageuh

Luhur pasir tepung teuteup
Perlambang asih rumaket
Kabagjaan nu duaan
Nu duaan

Hanjakal hanjakal teuing
Endah ngan ukur kalangkang
Harepan harepan diri
Sing nyanding jeung kanyataan